Teks Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda
(6)
1 0 30-09-2016
0 suka
30-09-2016, 16:13:12
HS IED R !
Saba’da manjatken puji syukur, sholawat srg salam dina pelaksanaan khutbah I’A khotib wasiat, khusus pikeun diri pribadi khotib umum pikeun jamaahna. Hayu urg gunakeun kasempetan anu khidmat ieu kanggo langkung ningkatkeun katakwaan ka Alloh ku jalan ngalaksanakeun parentahna sareng nebihan hal anu dilarang ku Alloh SWT.
HS IED R !
I’A ngarupikeun hari besar pikeun umat islam, tetapi semarak I’A jauh dibanding hari raya IF, ieu tiasa ditinggal dina antusias umat islam anu biasa dina ngarespon I’A benten nalika ngarespon IF kusikap anu pinuh suka cita. Aya dua alesan naha semarak I’A jauh dibanding semarakna IF : ka hiji urang selaku umat islam henteu terlibat secara langsung dina menyambut I’A benten nalika urg menyambut IF dimana sadayana umat islam terlibat dina mayunan IF ku ayana kawajiban puasa, zakat srg ibadah anu sanesna. Artina bisa jadi respon umat islam anu biasa dina menyambut I’A akibat teu di awali heula ku perjuangan ibadah anu berat pikeun menuju kemenangan seperti menyambut IF. Alesan ka dua naha I’A kalah semarak dibanding IF margi masih keneh aya umat islam anu beranggapan yen I’A teh hari raya pikeun anu ngalaksanakeun haji wungkul atanapi anu ngalaksanakeun quran wungkul. Sahingga pikeun jalmi anu henteu ibadah haji srg anu henteu qurban I’A teh teu benten sareng hari-hari biasa, padahal upami ku urang ditafakuran I’A gaduh nilai sejarah sareng amanat anu luar biasa pikeun umat islam.

HS IED R !
Kanggo urang selaku jalma anu beragama islam sakedahna I’A teh disambut ku perasaan anu bingah margi I’A ngarupikeun awal sejarah ayana parentah ibadah haji sareng parentah qurban. Sungguh kanikmatan anu luar biasa bilamana satiap muslim tiasa ngarayakeun I’A sekaligus tiasa menunaikan ibadah haji sareng mampu qurban, mung teu satiap jalmi mampu ngalaksanakeun nana. Margi ibadah haji sareng qurban ngarupikeun hiji bentuk ibadah anu kedah ditunjang ku materi anu cukup sahingga teu sadayana jalmi mampu ngalaksanakeun nana.
Nyarioskeun masalah haji sareng qurban moal lepas tina sejarah anu panjang anu di contokeun ku nabi Ibrahim As sareng nabi Ismail As. Saperti ayana parentah qurban di awali ku parentah Alloh ka Nabi Ibrahim pikeun ngorbanken putrana Nabi Ismail. Bayangkeun ku urang seorang bapak diparentah ku Alloh pikeun ngorbankeun anakna sorangan, tapi ku kata’atan Nabi Ibrahim ka Alloh sok sanaos abot eta parentah teh Nabi Ibrahim siap ngalaksanakeun na. Padahal upami di emut saha bapana anu sanggup pikeun motong beheung budakna sorangan.
Dina hiji sejarah di jelaskeun kumaha detik-detik pelaksanaan nalika Nabi Ismail bade di qurbankeun. Ngawitan panangan Nabi Ismail di iket, teras ramana nyaeta Nabi Ibrahim tos siap nyekel peso anu seukeut bari neuteup raray nu jadi anakna Nabi Ibrahim teu wasa bari ngeuclak keun ci soca Nabi Ibrahim ngaos kalimat Bismillahi Allohu Akbar bari pereum Nabi Ibrahim teu wasa ninggal kana jasad anakna tapi Sunhaanalloh taqdir Alloh memang tos kitu pas benta Nabi Ibrahim kaget ternyata anu di potong teh lain anakna tapi hiji sato anu gede sebagai pengganti Nabi Ismail. Eta gambaran bahwa Alloh bakal ngaganti satiap pengorbanan hambana kalayan ganti anu langkung istimewa.
HS IED R !
Sungguh luar biasa perwujudan kata’atan Nabi Ibrahim ka Alloh SWT, sahingga pikeun urang teu sabaraha nilaina bilamana sebagian harta anu dimiliki ku urang ayena di angge pikeun qurban. Bayangkeun ku urang upami Alloh teu ngagentos Nabi Ibrahim ku hewan qurban, saha jalmina anu rela ngurbankeun anakna sorangan. Cacakan qurban diganti ku hewan masih keneh aya jalma anu can siap qurban padahal beunghar. Sahingga Rosul ngemutan dina sapalih haditsna :

“ sing saha jalma anu mampu qurban, tapi manehna teu ngalaksanakeun, maka tong ngadeketan tempat sholat kami saur Rosul “
Kanggo anu teu acan mampu qurban taun ayeuna ulah alit manah margi aya hal anu langkung penting ti batan qurban nyaeta ngalaksanakeun parentah sholat lima waktu. Perhatikan Firman Alloh dina Al Qur an :
“ maka dirikan lah Sholat karena Tuhan mu dan berqurbanlah “
Artina nilai sholat lebih utama di banding meli domba terus di qurbankeun, sabab masih keneh aya jalmi mampu berqurban tapi can mampu pikeun ngalaksanakeun sholat. Sungguh sempurna sa upami urang tiasa qurban bari dituturkeun ku ngalaksanakeun parentah sholat karena teu aya deui pahala pikeun anu sholat sareng anu qurban iwal ti surga.
HS IED R !
Dina ieu khutbah tiasa di candak hikmah kanggo urang sadayana :
Ka hiji selaku umat islam urang kedah siap ta’at ka Alloh walaupun aya anu kedah di korbankeun baik harta, tanaga, atanapi emutan. Ka dua urang kedah apal yen hakikat qurban teh lain ngan sakadar motong hewan wungkul, tapi aya anu langkung penting nyaeta ngajaga hubungan sareng Alloh ku jalan Solat sareng ngajaga hubungan sareng sasama ku jalan silaturahmi. Mugia Alloh nga Istiqomahkeun kana iman, islam sareng kataqwaan anu aya dina diri urang sadayana.

با ر ك الله لى ولكم فى القر ا ن العظيم ونفعني و ا يا كم با لا يا ت و ذ كر الحكيم انه هو الغفو ر الر حيم


HS Ied R !
Dina kasempetan khutbah anu ka 2 ieu hayu urg bermuhasabah, urg tuntun hate urg kana kasucian lahir jeung batin, prak tungkulkeun diri urg ka Alloh, penta ka mu’jizatan I’A ieu pikeun ngarobah hirup urg. Khusukeun manah urg ulah dugi ka urg teh sangsara di dunia cilaka di akherat. Prak tamprak keun dua dampal panangan urg kalayan sing yakin Alloh bakal ngabulkeun do’a-do’a urg.
- Muqodimah
- Istighfar, syahadat, sholawat, hasbunalloh, tasbih
يا الله يا جبر , يا قها ر , يا ذ البطث الشد يد حد حقنا مما ظلمنا و المسلمين و تعد علينا و على المسلمين . الى هى انت مقصو د ..
penta hampura ka Alloh, kanggo Ibu srg Rama anu ngurus urg kanggo guru anu ngadidik urg do’akeun suami - istri - anak – incu - minantu - baraya jeng
tatangga urg bayangkeun rarayna ku urg (do’a ibu rama, Laila hailla anta, robbana dzollamna, Bariklana)
prak ngado’a ka Alloh sing khusu mugia sagala bentuk ibadah sareng pengorbanan sing aya dina panampian Alloh ( Robbana Taqobbal Minna )
takdirkeun ya Alloh abdi sadaya kanggo tiasa ibadah haji sareng tiasa qurban dina taun-taun anu bakal datang. Robbana Atina . . . . .
HS Ied R !
Alhamdulilah urg sadayana parantos selesai ngalaksanakeun solat I’A. Sok sampurnakeun ibadah urg ku musofahah sasalaman heula srg sadaya jamaah. Atuh salajengna sim abdi secara pribadi srg kulawargi ngahaturkeun nuhun kana perhatosan jamaah sadayana. hapunten tina samudaya kalepatan srg ka kirangan nana.
Assalamu Alaikum Wr Wb

 

Silahkan login untuk meninggalkan balasan.

Pesan

Notifikasi